Magnitudo mutlak: Béda antarrépisi

Ti testwiki
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
imported>Uchup19
 
(taya bédana)

Révisi mangsa 5 Juni 2019 08.08

Magnitudo mutlak, magnitudo absolut atawa magnitudo intrinsik (M) nyaéta magnitudo semu (atawa magnitudo tampak), m, mu bakal dipimilik hiji banda mun éta banda aya dina jarak 10 parsec atawa 32.6 taun cahya ti marcapada. Dina ngonvérsi, dipaké rasio nu mana unggal parobahan kacerlangan cahya 100.4 (≈2.512) sarua jeung pabédaan 1.0 magnitudo. Minangka conto, galaksi bimasakti mibanda magnitudo mutlak -20.5, sarta kuasar mibanda magnitudo mutlak -25.5, ieu hartina kuasar 100 kali leuwih méncrang batan galaksi bimasakti (lantaran (100.4)(-20.5-(-25.5)) = (100.4)5 = 100). Mun duanana ditempo ti jarak nu sarua, mangka kuasar bakal 100 kali leuwih méncrang.

Cara ngitung

Magnitudo mutlak M hiji obyék bisa diitung kalawan liwat magnitudo semu m jeung jarak luminositas DL:

M=m5((log10DL)1)

Anu mana DL nyaéta jarak luminositas dina parsec, (jarak 1 parsec = 3.2616 taun cahya.

Magnitudo mutlak M bisa ogé diitung kalawan ngagunakeun magnitudo semu m jeung jarak modulus μ:

M=mμ.

Conto iitungan

Rigel mibanda magnitudo semu gedéna mV=0.18 jeung jarak 773 taun cahya

MV=0.185(log107733.26161)=6.7.

Vega mibanda paralaks gedéna 0.129", jeung magnitudo semu gedéna +0.03

MV=0.03+5(1+log100.129)=+0.6.

Alpha Centauri mibanda paralaks gedéna 0.742" jeung magnitudo semu gedéna −0.01

MV=0.01+5(1+log100.742)=+4.3.

Galaksi mata hideung mibanda magnitudo semu mV=+9.36 jeung jarak modulus of 31.06.

MV=9.3631.06=21.7.

Rujukan

Citakan:Reflist Citakan:Astronomi-stub