Akselérasi

Ti testwiki
Révisi per 28 Juli 2024 21.31 ku imported>InternetArchiveBot (Rescuing 1 sources and tagging 0 as dead.) #IABot (v2.0.9.5)
(béda) ← Révisi leuwih heubeul | Témbongkeun révisi kiwari (béda) | Révisi nu leuwih anyar → (béda)
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Dina fisika, akselérasi atawa gagancangan nyaéta gedéna robahan (atawa derivasi laju, anu mangrupa véktor) kalawan diménsi panjang/waktu². Dina hijian SI nyaéta méter/detik².

Akselerasi nyaéta tingkat robahan laju. Di tiap titik dina hiji gambar laju-waktu (basa Inggris: velocity-time)), gedéna akselerasi dinyatakeun ku gradién tangén kurva di éta titik.

Akselérasi dilambangkan ku a (aksara panghareupna dina kecap akselérasi). Akselérasi bisa boga harga positif sarta négatif. Lamun harga akselérasi positif, hal ieu némbongkeun yén laju barang anu ngalaman akselérasi positif ieu nambahan (digancangkeun). Sabalikna lamun harga akselérasi téh négatif, hal ieu némbongkeun yén laju barang ngurangan (dilaunkeun). Conto akselérasi positif nyaéta: gerak muragna buah tina tangkalna anu dipangaruhan ku gravitasi. Sedengkeun conto akselérasi négatif nyaéta: gerak mobil anu dierém.

Rumus

Rumus rata-rata akselérasi dina hiji perioda waktu Δt nyaéta

𝐚¯=𝐯(t+Δt)𝐯(t)Δt

di mana

𝐯(t+Δt) mangrupa laju ahir
𝐯(t) mangrupa laju awal
𝐭 mangrupa waktu awal sarta Δ𝐭 mangrupa robahan waktu.

Rumus akselérasi instan (sakedapan) dina waktu t nyaéta

𝐚(t)=limΔt0𝐯(t+Δt)𝐯(t)Δt=d𝐯dt

Jadi akselérasi mangrupa derivasi (turunan) tina laju. Perlu dicatet yén pernyataan (Posisi ahir - Posisi awal) / (Jumlah waktu nu diperlukeun) mangrupa laju rata-rata, sarta wates mangsa interval waktu ngadeukeutan enol mangrupa laju sakiceup. Ku kituna, laju mangrupa derivasi kahiji tina posisi, sedengkeun akselérasi mangrupa derivasi kadua tina posisi.

Perlu dicatet ogé yén akselérasi rata-rata jeung akselérasi sakiceup dina hiji perioda waktu Δt=t1t0 dipatula-patalikeun ngaliwatan téorema harga rata-rata pikeun integral:

𝐚¯t0t1dt=t0t1𝐚(t)dt

Nempatkeun kabéhanana babarengan hartina:

𝐚=d𝐯dt=d2𝐫dt2

di mana

𝐚 nyaéta akselerasi
𝐯 nyaéta laju
𝐫 nyaéta posisi
t nyaéta waktu

Patali jeung hukum gaya Newton, F=ma, akselérasi sarua jeung kabéh gaya nu nimpah kana hiji barang dibagi ku massa barang kasebut:

a=Fm

Tempo ogé

Tumbu ka luar