Sampling

Ti testwiki
Révisi per 9 April 2023 10.11 ku imported>InternetArchiveBot (Rescuing 1 sources and tagging 0 as dead.) #IABot (v2.0.9.3)
(béda) ← Révisi leuwih heubeul | Témbongkeun révisi kiwari (béda) | Révisi nu leuwih anyar → (béda)
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Dina pamrosésan sinyal, sampling téh nyaéta pangurangan hiji sinyal kontinyu jadi hiji sinyal diskrit. Hiji conto umum nyaéta parobahan (konvérsi) hiji gelombang sora jadi sajajaran conto (sampel) (hiji sinyal waktu diskrit).

Sampling sakedapan

Upamakeun urang ngalakukeun sampling (nyokot conto) tina hiji sinyal sambarang m(t) sakeudeung-sakeudeung dina laju anu saragem, nyaéta tiap Ts detik. Mangka urang bakal meunang sajajaran conto (sampel) m(nTs), di mana n ngalap sakabéh harga bilangan buleud anu mungkin. Bentuk sampling idéal saperti kieu disebut instantaneous sampling atawa sampling sakedapan.

Sinyal nu disampling idéal

Gambar:Ideal signal sampling.jpg
Sampling sinyal sacara ideal.

Lamun sinyal m(t) dina gambar pangluhurna dina gambar beulah kénca dikalikeun jeung sajajaran hijian impuls

δT(t)

dina gambar nu di tengah gambar beulah kénca kasebut mangka baris dihasilkeun:

ms(t)=m(t)δTs(t)=m(nTs)δ(tnTs)

anu digambarkeun dina gambar panghandapna. Sinyal ms(t) ieu disebut sinyal anu disampel idéal.


Sampling praktis

Sampling natural

Sanajan sampling sakedapan mangrupakeum modél anu nyenangkeun, aya cara anu leuwih praktis pikeun nyokot sampel sinyal analog sinyal kawates m(t) nyaéta ku sirkuit saklar laju gancang. Conto sirkuit dimaksud sarta sinyal hasil samplingna bisa ditingali dina gambar di handap ieu:

(a) Alat sampling, (b) Sinyal hasil sampling

Sinyal hasil sampling xns(t) bisa ditulis:

xns(t)=m(t)xp(t)

di mana xp(t) nyaéta jajaran pulsa sagiopat périodik anu périodana Ts sarta masing-masing pulsa sagiopat dina xp(t) boga rubak d jeung amplitudo 1.

Sampling rata luhur

Padika sampling anu paling basajan, praktis sarta populér bisa dilakukeun ku sirkuit blok fungsional anu dingaranan sirkuit sample-and-hold (S/H). Sirkuit kasebut sarta sinyal hasil samplingna bisa ditingali dina gambar di handap ieu:

(a) Sirkuit S/H, (b) Sinyal hasil sampling sirkuit S/H

Tempo ogé

Rujukan

  • Hsu, Hwei P., Schaum's Outline of Théory and Problems of Analog and Digital Communications, McGraw Hill, 1993
  • Matt Pharr and Greg Humphreys, Physically Based Rendering: From Theory to Implementation, Morgan Kaufmann, July 2004. ISBN 0-12-553180-X. The chapter on sampling (available online) is nicely written with diagrams, core théory and code sample.
  • Shannon, Claude E., Communications in the presence of noise, Proc. IRE, vol. 37, pp. 10–21, Jan. 1949.

Citakan:Reflist

Tumbu ka luar