Amoeba

Ti testwiki
Révisi per 5 Maret 2025 07.28 ku imported>InternetArchiveBot (Rescuing 1 sources and tagging 0 as dead.) #IABot (v2.0.9.5)
(béda) ← Révisi leuwih heubeul | Témbongkeun révisi kiwari (béda) | Révisi nu leuwih anyar → (béda)
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ilustrasi mikroorganisme amoeba.

Amoeba nyaéta salah sahiji wanda Protozoa anu kaasup kana golongan Rhizopoda atawa Sarkodina . Suku samar anu dipiboga ku amoeba bisa dipaké keur nyokot kadaharan.[1] Amoeba mimiti kapanggih ku August Johann Rösel von Rosenhof dina taun 1757. Mimitina para ilmuwan ngajadikeun amoeba salaku Proteus animalcule saperti dewa Yunani Proteus anu bisa ngarobah bentukna. Ngaran amibe téh meunang Bory de Saint-Vincent tina Basa Yunani amoibé (αμοιβή), anu hartina bisa robah bentuk. [2]

Ciri

Gambar:Amoeba engulfing diatom.ogv

  • Sél amoeba ngan aya hiji jeung biasa hirup dina lingkungan anu becék, aya unsur caian jeung dina kadaharan.
  • Eusi sél geus disalindungan ku mémbran sél jeung mémbran plasma. Gunana nyaéta keur ngatur kaluar asupna zat jeung gas, koordinasi alat gerak jeung meunangkeun rangsangan anu asalna ti lingkungan saluareun sél.
  • Amoeba bisa nganak ku cara meulah dirina kalawan teu kudu ngaliwatan tahap-tahap mitosis. Proses meulah dirina dimimitian tina beulahna inti sél jadi dua tuluy dituturkeun ku beulahna sitoplasma. Beulahna initi sél anu jero téh lila-lila bakal pegat jeung jadi dua sél anak amoeba.
  • Amoeba bisa hirup bébas jeung jadi parasit dina awak manusa atawa sasatoan. Biasana anu jadi parasit mah sok ngabalukarkeun rupa-rupa panyait anu ngabahayakeun.
  • Dina kaayaan anu nguntungkeun, amoeba bisa ngarobah dirina jadi kista. Lamun kaayaan di lingkunganana geus balik deui, kista amoeba rusak jeung bakal kaluar amoeba anu anyar keur ngamimitian deui hirupna.[1]

Panyakit

Diséntri amoeba

Ieu panyakit mangrupa inféksi usus anu disababkeun ku amoeba anu ngaranna Entamoeba histolityca. Ieu amoeba kacida bahayana sabab bisa nembus pinding usus jeung bisa sumebar ngaliwatan getih anu ngabalukarkeun organ awak anu séjén (jajantung, bayah, haté jeung uteuk) gé milu katépaan kasakitna. Ieu amoeba bisa kapanggih dina kadaharan atawa inuman anu geus kakontaminasi. Gejalana nyaéta mindeng kabeuratan jeung karasa nyeri malah kadang-kadang nepi ngaluarkeun getih, nyeri beuteung, kram dina palebah beuteung, kacapéan, diaré, panas tiris jeung sebel nepi ka utah-utahan.[3]

PAM

PAM téh wancahan tina Primary Amebic Meningoencephalitis nyaéta panyakit radang jeung karusakan jaringan uteuk anu disababkeun ku amoeba Naegleria fowleri. Ieu amoeba mindeng kapanggih dina cai walungan, cinyusu, cai sagara jeung taneuh. Ukuranana ukur 8-15 mikrométér. gumantung kana lingkungan jeung tahap kahirupanana. Naegleria fowleri bisa kapanggih ogé dina pangojayan anu teu kaurus jeung alat keur manaskeun cai pribadi di imah. Suhu panghadéna keur ieu amoeba hirup téh 460 sarta bakal paéh lamun suhu lingkunganana beuki panas. Cara asup kana awak manusana ieu amoeba téh bisa ngaliwatan irung waktu keur ngasupkeun mastaka kana cai jeung nyingreup cai keur meresihan irung. Sanggeus asup terus mapay kana babagian awak anu tujulna kana otak manusa[4]

Gejala ieu panyakit bakal terus ngaronjat ti awal nepi ka ahir, malah diagnosa ogé kadang muncul sanggeus [[pasié] tilar dunya. Gejala mimiti nyaéta nyeri mastaka anu kaliwat saking, sebel, suhu awak undak jeung utah-utahan. Ieu kaayaan bakal lumangsung sanggeus lima poé kakeunaan ieu panyakit. Sanggeus kitu, lamun beuki parah pasién bakal nyeri beuheung, pikun, ngejejeng jeung sasar poho kana sagala rupa anu ahirna beuki parna tuluy koma.[5]

Rujukan