Sebaran chi-kuadrat

Ti testwiki
Révisi per 13 April 2017 10.51 ku imported>Ilhambot (Ngarapihkeun éjahan, replaced: ngabogaan → mibanda (2))
(béda) ← Révisi leuwih heubeul | Témbongkeun révisi kiwari (béda) | Révisi nu leuwih anyar → (béda)
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Keur satiap positip integer k, sebaran chi-kuadrat nu mibanda k tingkat kabebasan nyaéta probability distribution variabel acak

X=Z12++Zk2

nu mana Z1, ..., Zk mangrupa variabel normal bebas, masing-masing nilai ekspektasi 0 jeung varian 1. Sebaran ieu biasa ditulis

Xχk2

Lamun p watesan linier homogen bébas ditumpukeun dina ieu variabel, kayaan sebaran X dina watesan ieu nyaéta χkp2, dipastikeun salaku watesan "tingkat kabebasan". Characteristic function sebaran Chi-kuadrat nyaéta

ϕ(t)=(12it)k/2.

Sebaran chi-kuadrat mibanda aplikasi numeris dina kaputusan statistik, contona dina tes chi-kuadrat jeung estimasi varian. Ieu bisa diasupkeun kana masalah estimasi méan dina populasi sebaran normal jeung masalah estimasi slope dina garis regression ku aturan dina sebaran-t student. Ieu diasupkeun kana sakabéh masalah analisa varian ku aturan dina sebaran-F, nu mangrupa sebaran perbandingan dua chi-kuadrat variabel acak.

Rumus probability density function nyaéta

pk(x)=(1/2)k/2Γ(k/2)xk/21ex/2 for x>0

jeung pk(x) = 0 keur x≤0. Di dieu Γ ngalambangkeun fungsi gamma.

Pendekatan normal

Lamun Xχk2, saterusna k nuju ka takterhingga, sebaran X nuju ka normal. Sanajan kitu, kacenderunganna lalaunan (skewness nyaéta 8/k jeung kurtosis nyaéta 12/k) sarta dua transpormasi umumna diperhatoskeun, unggal pamarekannormal leuwih gancang tinimbang X sorangan:

Fisher nembongkeun yén 2X ngadeukeutan sebaran normal nu mibanda méan 2k1 jeung unit varian.

Wilson and Hilferty dina taun 1931 nembongkeun yén X/k3 nyaéta pamarekansebaran normal nu mibanda méan 12/(9k) jeung varian 2/(9k).

Nilai ekspektasi tina variabel random mibanda sebaran chi-kuadrat nu mibanda k tingkat kabébasan k jeung varian nyaéta 2k. Median dina ieu kaayaan dideukeutan ku

k23+427k8729k2.

Catetan yén 2 tingkat kabébasan nuju kana sebaran eksponensial.

Sebaran chi-kuadrat dina kasus husus nyaéta sebaran gamma.

Tempo Teorema Cochran.