Téoréma sampling

Ti testwiki
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Citakan:Orphan

Conto sinyal nu disampling

Transmisi digital sinyal analog dimungkinkeun ku jasana téorema sampling.

Sinyal pita kawates

Spéktrum hiji sinyal pita kawates sabagé fungsi ti frékuénsi

Sinyal pita kawates nyaéta hiji sinyal m(t) nu transformasi Fourierna sarua jeung enol di saluhureun hiji frékuénsi ωM tinangtu:

m(t)M(ω)=0 pikeun |ω|>ωM=2πfM ....... (1)

Téorema sampling

Lamun hiji sinyal m(t) mangrupa hiji sinyal pita kawates nu boga haga ril nu luyu jeung parsamaan (1), mangka m(t) sacara unik bisa ditangtukeun ti harga-harga m(t) anu dicokot contona (disampel) dina interval-interval waktu nu saragem Ts[(1/2fM)]. Dina kanyataanana m(t) dinyatakeun ku:

m(t)=m(nTs)sinωM(tnTs)ωM(tnTs).

di mana Ts mangrupa périoda sampling sarta kabalikanana fs = 1/Ts salaku laju sampling.

Jadi, téoréma sampling nganyatakeun yén hiji sinyal pita kawates nu teu boga komponén frékuénsi leuwih luhur ti fM Hz bisa ditimukeun deui sagemblengna tina sakumpulan conto (sampel) anu dicokot dina laju fs(fM) sampel per detik.

Téoréma sampling di luhur mindeng disebut uniform sampling theorem pikeun sinyal pita dasar (baseband) atawa sinyal low pass.

Laju sampling minimum, 2fM sampel per detik, disebut laju Nyquist; kabalikanana 1/(2fM) (nu diukur dina detik) disebut interval Nyquist

Tempo ogé

Rujukan

  1. Hsu, Hwei P., Schaum's Outline of Théory and Problems of Analog and Digital Communications, McGraw Hill, 1993

Tumbu ka luar