Gaya séntripétal

Ti testwiki
Révisi per 28 Agustus 2024 08.29 ku imported>MGA73 (Réprésentasi véktor: Centripetal Force.png on commons)
(béda) ← Révisi leuwih heubeul | Témbongkeun révisi kiwari (béda) | Révisi nu leuwih anyar → (béda)
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Gaya séntripétal nyaéta gaya luar anu diperlukeun sangkan hiji barang bisa gerak muter. Gaya ieu lain mangrupa gaya fisis, atawa gaya dina harti sabenerna, tapi ngan hiji paméréan ngaran atawa papasingan rupa-rupa gaya anu boga fungsi ngajadikeun hiji barang gerak muter. Rupa-rupa gaya fisis bisa dipaké salaku gaya séntripétal, di antarana gaya gravitasi, éléktrostatik, tegangan tali, gésékan jeung nu séjénna. Istilah gaya séntripétal asalna tina kecap basa Latén, nyaéta centrum ("puseur") jeung petere ("nuju ka luar").

Rumus gaya séntripétal

Gaya séntripétal mibanda gedé nu sabanding jeung kwadrat laju tangénsial éta barang sarta babanding tibalik jeung radius liliwatan (puteran)

Fs=mv2r

jeung nuju ka puseur liliwatan ngawangun bunderan, anu némbongkeun yén aya hiji akselerasi séntripétal, nyaéta

as=v2r

Lamun dianalogikan jeung hukum gerak Newton kadua.

F=ma

Réprésentasi véktor

Dina notasi véktor jeung sistem koordinat polar, gaya séntripétal bisa dituliskeun minangka

Fs=mv2rr^
Véktor-véktor sakedapan dina gaya séntripétal.

kalawan

r^=rr

nyaéta véktor hijian nu nuju ka puseur, anu umumna dipilih kalayan harga positif lamun nuju ka luar bunderan.

Réprésentasi kakalian titik véktor

Atawa bisa ogé dituliskeun minangka kakalian titik véktor

Fs=mv2rr^=mv2rrr=mω2r=mω×(ω×r)

Sarta arah tujuan \vec{\omega} miluan aturan leungeun katuhu. Dina kasus kawas nu ditembrakkeun dina gambar, diménsi-dimébsi véktor anu dimaksud boga harga:

ω=ω k^
r=r[cos(ωt) i^+sin(ωt) j^]

sarta minangka akibatna

r^=cos(ωt) i^+sin(ωt) j^
v=ω×r=ωr [sin(ωt) i^+cos(ωt) j^]

Ku kituna bisa dibuktikeun yén

Fs=mω×(ω×r)=mω×v

=m(ωk^)×(ωr [sin(ωt) i^+cos(ωt) j^])

=mω2r[sin(ωt) j^cos(ωt) i^]

=mω2r{[sin(ωt) j^+cos(ωt) i^]}

=mω2r(r^)=mω2r

kawas dituliskeun saméméhna, anu némbongkeun yén gaya séntripétal sok nuju ka puseur bunderan.

Tempo ogé