Gerak muter

Ti testwiki
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Gerak muter.

Gerak muter nyaéta gerak hiji barang anu nyieun jalur liliwatan mangrupa bunderan nu ngalingkung hiji titik nu tetep. sangkan hiji barang bisa gerak muter, ieu barang merlukeun ayana gaya anu bakal mengkolkeun barang kasebut nuju ka puseur bunderan. Gaya ieu dingaranan gaya séntripétal. Hiji gerak muter beraturan (merenah) bisa disebut ogé gerak digancangkeun merenah, lantaran perlu ayana hiji pacepetan (akselerasi) anu gedéna tetep kalayan tujuan anu robah, anu ngabalukarkeun robahna tujuan gerak hiji barang sangkan ngaliwatan jalur anu ngawangun bunderan Richard S. Westfall, Circular Motion in Seventeenth-century Mechanics, Isis, Vol. 63, No. 2. (Jun., 1972), pp. 184-189..

Diménsi pikeun gerak muter

Diménsi-diménsi anu ngagambarkeun hiji gerak muter nyaéta sudut, laju sudut sarta akselérasi sudut anu masing-masing dilambangkeun ku θ, ω sarta α. Diménsi-diménsi ieu lamun dianalogikan jeung gerak liniér sarimbag jeung posisi, laju sarta akselérasi anu masing-masing dilambangkeun ku r, v sarta a.

Diménsi gerak lempeng jeung gerak muter
Gerak lempeng Gerak muter
Diménsi Hijian (SI) Diménsi Hijian (SI)
poisisi r m sudut θ rad
laju v m/s laju sudut ω rad/s
akselérasi a m/s2 akselérasi sudut α rad/s2
- - perioda T s
- - radius R m

Diférensiasi jeung integrasi

Diménsi-diménsi gerak muter mibanda hubungan dina prosés integrasi jeung diférensiasi.

ω dt=θ    ω=dθdt
α dt=ω    α=dωdt
α dt2=θ    α=d2θdt2

Hubungan antara diménsi sudut jeung tangénsial

Antara diménsi gerak liniér jeung gerak muter aya hiji hubungan ngaliwatan R husus pikeun komponén tangénsial, nyaéta

θ=rTR  ,  ω=vTR  ,  α=aTR

Perhatikeun yén di dieu dipaké rT anu didéfinisikan sabagé jarak anu diliwatan atawa sisi gondéwa anu geus diliwatan salila hiji selang waktu sarta lain ngan posisi dina hiji waktu, nyaéta

rT|r(t+Δt)r(t)|

pikeun hiji selang waktu singket atawa sudut anu heureut.

Rupa-rupa gerak muter

Gerak muter bisa dibédakeun jadi dua rupa dumasar kana kasarageman laju sudutna ω, nyaéta:

  • gerak muter beraturan (merenah), sarta
  • gerak muter robah beraturan (merenah).

Gerak muter merenah

Gerak muter merenah nyaéta gerak muter kalawan laju sudut ω nu tetep. Harga laju sudut bisa dibeunangkeun ku cara ngabagi laju tangénsial vT ku radius puteran R

ω=vtR

Arah tujuan laju liniér v dina gerak muter merenah sok nyigeung jalur liliwatan, anu hartina arah tujuanana sarua jeung arah tujuan laju tangénsial vT. Tetepna harga laju vT alatan tina tetepna harga ω. Sajaba ti éta, aya ogé akselérasi radial aR anu hargana tetep sarta arah tujuanana anu robah. Akselérasi ieu disebut akselérasi séntripétal, di mana arah tujuanana sok ngarah puseur bunderan.

aR=v2R=vt2R

Lamun T nyaéta waktu anu diperlukeun pikeun ngabéréskeun hiji puteran sapinuhna dina jalur bunderan θ=2πR, mangka bisa ogé dituliskeun

vT=2πRT

Kinematika gerak muter beraturan nyaéta

θ(t)=θ0+ω t

di mana θ(t) mangrupa sudut anu diliwatan salila hiji waktu t, θ0 mangrupa sudut awal sarta \omega\! mangrupa laju sudut (anu tetep hargana).

Gerak muter robah merenah

Gerak muter robah merenah nyaéta gerak muter kalawan laju sudut α nu tetep. Dina gerak ieu aya akselérasi tangensial aT (anu dina hal ieu sarua jeung akselérasi liniér) anu nyigeung jalur kuliling bunderan (pahapit jeung arah tujuan laju tangénsial vT).

α=atR

Kinematika GMBB nyaéta

ω(t)=ω0+α t
θ(t)=θ0+ω0 t+12α t2
ω2(t)=ω02+2α (θ(t)θ0)

di mana α nyaéta akselérasi sudut anu hargana tetep sarta ω0 nyaéta laju sudut awal.

Persamaan paramétrik

Gerak muter bisa ogé dinyatakeun dina persamaan paramétrik kalawan leuwih tiheula ngadéfinisikeun:

  • titik mimiti gerak dipigawé (x0,y0)
  • laju sudut puteran ω (anu hartina hiji GMB)
  • puseur bunderan (xc,yc)

pikeun saterusna dijieun persamaanna Chapter 22 Parametric Equation,, Department of Mathematics, University of Washington, Math 124 Materials (Autumn), ch 22, pp. 308 Citakan:Webarchive..

Hal kahiji anu kudu dipigawé nyaéta ngitung radius liliwatan R :

R=(x0xc)2+(y0yc)2

Sanggeus meunang harga radius liliwatan, persamaan bisa dituliskeun:

x(t)=xc+Rcos(ωt+ϕx)
y(t)=yc+Rsin(ωt+ϕy)

jeung dua konstanta ϕx sarta ϕy anu masih kudu ditangtukeun hargana. Kalawan pasaratan saméméhna, nyaéta dipikanyahona harga (x0,y0), mangka bisa ditangtukeun harga ϕx sarta ϕy:

ϕx=arccos(x0xcR)
ϕy=arcsin(y0ycR)

Perlu dipikanyaho yén sabenerna

ϕx=ϕy

alatan mangrupa sudut mimiti gerak muter.

Hubungan antar diménsi liniér jeung angular

Ku ngagunakeun persamaan paramétrik, geus diwatesan yén diménsi liniér anu dipaké saukur diménsi tangensial atawa ngan komponén véktor dina arah tujuan sudut, anu hartina euweuh komponén véktor dina arah tujuan radial. Ku watesan ieu, hubungan antara diménsi liniér (tangensial) sarta sudut bisa kalawan gampang ditimukeun.

Laju tangensial sarta laju sudut

Laju liniér total bisa katimu ngaliwatan persamaan:

v=vx2+vy2

sarta alatan watesan impleméntasi persamaan paramétrik dina gerak muter, mangka

vT=v=vx2+vy2

kalawan

vx=x˙=dxdt
vy=y˙=dydt

dihasilkeun

vx=ωRsin(ωt+ϕx)
vy=ωRcos(ωt+ϕx)

ku kituna

vT=(ω)2R2sin2(ωt+ϕx)+ω2R2cos2(ωt+ϕx)
vT=ωRsin2(ωt+ϕx)+cos2(ωt+ϕx)
vT=ωR

Akselerasi tangensial jeung laju sudut

Ku cara anu sarua jeung nu saméméhna, akselérasi liniér total bisa katimu ngaliwatan persamaan:

a=ax2+ay2

sarta alatan watesan impleméntasi persamaan paramétrik dina gerak muter, mangka

aT=a=ax2+ay2

kalawan

ax=x¨=d2xdt2
ay=y¨=d2ydt2

dihasilkeun

ax=ω2Rcos(ωt+ϕx)
ay=ω2Rsin(ωt+ϕx)

ku kituna

aT=(ω)4R2cos2(ωt+ϕx)+ω4R2sin2(ωt+ϕx)
aT=ω2Rcos2(ωt+ϕx)+sin2(ωt+ϕx)
aT=ω2R

Laju sudut henteu tetep

Persamaan paramétrik bisa ogé dipaké lamun gerak muter GMBB, atawa lain deui GMB kalawan ayana laju sudut anu robah merenah (atawa ayana akselérasi). Léngkah-léngkah anu sarua bisa dipigawé di dieu, tapi perlu diinget yén

ωω(t)=αdt=ω0+αt

kalawan α laju sudut sarta ω0 laju sudut awal. Penurunan GMBB ieu baris jadi saeutik leuwih rumit dibandingkeun dina kasus GMB di luhur.

Persamaan paramétrik di luhur, bisa dituliskeun dina wangun anu leuwih umum, nyaéta:

x(t)=xc+Rcosθ
y(t)=yc+Rsinθ

di mana θ=θ(t) nyaéta sudut anu diliwatan dina hiji waktu. Kawas geus disebutkeun di luhur ngeunaan hubungan antara θ, ω jeung α ngaliwatan prosés integrasi sarta diférensiasi, mangka dina kasus GMBB hubungan-hubungan kasebut mutlak diperlukeun.

Laju sudut

Ku ngagunakeun aturan ranté dina ngalakonan diférensiasi posisi ti persamaan paramétrik katimu:

vx(t)=Rsinθ dθdt=ω(t)Rsinθ
vy(t)=Rcosθ dθdt=ω(t)Rcosθ

kalawan

dθdt=ω(t)=ω0+α t

Bisa dibuktikeun yén

v(t)=vt(t)=vx2(t)+vy2(t)=ω(t)R

sarua jeung kasus dina GMB.

Akselerasi total

Diférensiasi laju liniér dumasar waktu satuluyna ngahasilkeun

ax(t)=Rcosθ (dθdt)2Rsinθd2θdt2
ax(t)=Rsinθ (dθdt)2+Rcosθd2θdt2

anu bisa disederhanakan jadi

ax(t)=ω2RcosθαRsinθ
ax(t)=ω2Rsinθ+αRcosθ

Saterusna

a2(t)=ax2(t)+ay2(t)=R2(ω4(t)+α2)

anu umumna dituliskeun Ian Burley, Meg Carrington, Randy Kobes, Gabor Kunstatter, Centripetal Acceleration, IUN/FYDE Introductory Physics Notes, circ:node6 Citakan:Webarchive, University of Winnipeg, 10/9/1997.

a2(t)=ar2(t)+at2(t)

kalawan

aT=αR

anu mangrupa akselérasi sudut, sarta

aR=ω2R=as

anu mangrupa akselérasi séntripétal. Sélér séntripétal ieu mecenghul alatan obyék kudu dipéngkolkeun atawa lajuna kudu dirobah ku kituna gerak nuturkeun liliwatan bunderan.

Gerak robah merenah

Gerak muter bisa ditoong minangka gerak robah merenah. Bédakeun jeung gerak lempeng robah merenah (GLBB). Konsép laju anu robah sakapeung ngan dipahaman dina robahan badagna, dina gerak muter merenah (GMB) gedéna laju nyaéta tetep, tapi arah tujuanana anu robah sacara merenah, bandingkeun jeung GLBB anu arah tujuanana tetep tapi gedé lajuna anu robah merenah.

Gerak robah merenah
LAju GLBB GMB
Gedé robah tetep
Arah tujuan tetep robah