Rubakpita

Ti testwiki
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Rubakpita (Basa Indonésia: lebar pita Citakan:Lang-en Citakan:Lang-nl) dina téknologi telekomunikasi nyaéta lega wewengkon frékuénsi tinangtu atawa béda antara frékuénsi panghandapna jeung frékuensi pangluhurna dina wewengkon frékuénsi tinangtu. Contona, sambungan telepon mibanda 'rubakpita 3000Hz (Hertz), anu mangrupa wewengkon antara frékuénsi pangluhurna (3300Hz) sarta frékuénsi panghandapna (300Hz) anu bisa diliwatan ku sora manusa.

Dina jaringan komputer, rubakpita nujul kana laju pamindahan data, umumna dina hijian Kbps (kilobit pér detik/kilobite per second).

Bandwidth filter (atawa sistem)

Bandwidth WB Low-pass filter idéal sarua jeung cutoff frequency bogana, nyaéta WB=ωc.

Bandwidth Low-pass filter idéal.

Bandwidth bandpass filter idéal sarua jeung WB = ωc2 - ωc1. Titik tengah ωo = (ωc1 + ωc2)/2 disebut frékuénsi tengah filter.

Bandwidth bandpass filter idéal.

Sahiji bandpass filter disebut pita sempit lamun WB << ωo.

Euweuh définisi bandwidth pikeun high-pass filter jeung bandstop filter.

Pikeun filter dina pamakéan sapopoé atawa filter non-idéal, définisi umum pikeun bandwidth filter nyaéta bandwidth 3-dB, W3 dB. Dina hal low-pass filter, W3 dB ditetepkeun salaku frékuénsi positif di mana spéktrum amplitudo |H(ω)| turun nepi ka hiji harga nu sarua jeung |H(0)|2.

Bandwidth LPF non-idéal.

Pikeun bandpass filter, W3 dB ditetepkeun sabagé béda anatara dua frékuénsi di mana |H(ω)| turun nepi ka hiji harga nu sarua jeung 12 kali harga puncak |H(ωo)| dina frékuénsi tengah filter ωo (nu disebut frékuénsi tengah pita atawa midband frequency).

Bandwidth Bandpass filter non-idéal.

Perlu dicatet yén bandwidth didéfinisikeun di sapanjang sumbu frékuénsi positif.

Bandwidth sinyal

Bandwidth tina hiji sinyal bisa didéfinisikeun sabagé amparan frékuénsi di mana sabagian gedé énergi atawa daya ngadumuk. Définisi ieu rada midua sarta gumantung kana pajangjian. Jadi aya réa définisi pikeun bandwidth sinyal. Contona, bandwidth daya tina hiji sinyal ditetepkeun sabagé ω2ω1 di mana ω1<ω<ω2 mangrupa amparan di mana 99% daya ngadumuk.

Bandwidth sinyal x(t) ogé bisa didéfinisikeun sarua jeung bandwidth filter nyaéta bandwidth 3 dB.

Tempo ogé