Sistem (pamrosésan sinyal)

Ti testwiki
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Gambaran hiji sistem nu nutup sarta watesna

Sistem, nu asalna ti basa Latén (systēma) sarta basa Yunani (sustēma) nyaéta hiji wangun anu dibentuk ku sekumpulan éntitas anu silih interaksi atawa silih gumantung, boh ril boh abstrak.

Réprésentasi sistem

Dina pamrosésan sinyal, sistem nyaéta modél matematika tina hiji prosés fisik anu matalikeun sinyal asupan (sinyal sumber atawa sinyal jieunan) jeung sinyal kaluaran (sinyal réspon).

Upamana waé x(t) jeung y(t) masing masing mangrupa sinyal asupan jeun sinyal kaluaran tina hiji sistem, mangka sistem kasebut dianggap ngarobah x(t) jadi y(t). Prosés ngarobah ieu dilambangkeun ku:

y(t)=𝒯 [x(t)]

di mana 𝒯 mangrupa operator nu ngahasilkeun y(t)</math> tina x(t) saperti dijelaskeun dina gambar di handap ieu:

Gambar:Sistem.jpg
Gambaran hiji sistem dina pamrosésan sinyal

𝒯 disebut ogé fungsi transfer. Pikeun doméin waktu fungsi transfer dilambangkeun ku h(t)

Kelasifikasi sistem

Sistem waktu kontinyu jeung sistem waktu diskrit

Lamun sinyal asupan x(t) jeung sinyal kaluaran y(t) tina hiji sistem mangrupa sinyal-sinyal waktu kontinyu mangka sistem kasebut disebut sistem kontinyu waktu.

Lamun sinyal asupan x(t) jeung sinyal kaluaran y(t) tina hiji sistem mangrupa sinyal-sinyal waktu diskrit mangka sistem dimaksud disebut sistem waktu diskrit.

Sistem liniér

Sistem liniér nyaéta sistem anu nedunan sarat tatambahan (aditivitas) jeung homogénitas.

Aditivitas

𝒯[x1(t)+x2(t)]=[x1(t)]+[x2(t)]=y1(t)+y2(t) pikeun sakabéh sinyal asupan x1(t) jeung x2(t)

Homogénitas

y(t)=𝒯[ax(t)]=a𝒯[x(t)]=ay(t) pikeun sakabéh sinyal asupan x(t) jeun skalar a.

Sakabéh sistem anu teu nedunan sarat aditivitas jeung homogénitas digolongkeun sabagé sistem nonliniér.

Sistem invarian waktu

Lamun sistem nedunan sarat 𝒯[x(tto)]=y(tto), di mana to mangrupa hiji konstanta, mangka sistem nu dimaksud disebut sistem invarian waktu atawa sistem tetep.

Hiji sistem anu teu nedunan sarat di luhur disebut sistem nu variasi dumasar waktu (time-varying system).

Sistem invarian waktu liniér

Lamun sistem liniér sarta invarian waktu mangka sistem nu dimaksud disebut sistem invarian waktu liniér atawa linear time-invariant (LTI) system.

Tempo ogé

Rujukan