Gerak lempeng

Ti testwiki
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Gerak lempeng nyaéta gerak hiji barang anu jalurna (liliwatanana) mangrupa garis lempeng. Gerak ieu ogé disebut translasi beraturan (merenah).

Papasingan

Gerak lempeng bisa digolongkeun kana gerak lempeng laju tetep sarta gerak lempeng robah laju anu dibédakeun ku aya sarta henteuna akselerasi.

Gerak lempeng laju tetep

Gerak lempeng laju ttep nyaéta gerak lempeng hiji obyék, di mana dina gerak ieu lajuna tetep atawa tanpa akselerasi, ku kituna jarak anu ditempuh dina gerak lempeng laju tetep nyaéta laju kali waktu.

s=vt

di mana:

  • s = jarak tempuh (m)
  • v = laju (m/s)
  • t = waktu (s)

Gerak lempeng laju robah

Gerak lempeng laju robah nyaéta gerak lempeng hiji obyék, di mana lajuna robah kapirig waktu alatan ayana akselerasi anu tetep. Alatan ayana akselerasi, rumus jarak anu ditempuh henteu deui liniér tapi kwadratik.

v=v0+at
s=v0t+12at2

di mana:

  • v0 = laju mimiti (m/s)
  • a = akselérasi (m/s2)
  • t = waktu (s)
  • s = Jarak tempuh/kapindahan (m)

Tempo ogé

en:Translation (geometry)#Translations in physics